Pages

Rabu, 15 April 2015

Dongeng Karang Nini (Basa Sunda)


DONGENG
“KARANG NINI”

          Harita di Desa Karangtanjung, mun ayeuna mah katelahna Desa Emplak. Hirup sapasang  salaki pamajikan. Nelahna Aki Angga Piara jeung Nini Ambu Kolot, anu najan sapuluh-puluh taun geus lalirabi tapi can wae kabiruyungan boga turunan. Tapi najan kitu, teu ieuh ngurangan kana kasugeman lalayaran dina sagara rumah tangga, tetep silih pikanyaah, pikadeudeuh lain bobohongan . Demi nutupan sapopoena, unggal peuting Ki Angga Piara sok kalaut milarian lauk.
            Dina hiji waktu Ki Angga Piara bade ka laut, mung hanjakal cuacana awon. Tidinya Ambu Kolot teu ngawidian ka pamegetna, tapi angger Ki Angga Piara naek parahu seja ka lautan milarian lauk.
Ceuk Ambu Kolot      : Aki cuaca teh awon, ulah teuing ka lautan. Bahaya !!
Ki Angga Piara           : Lah Ambu, piraku sugan da mun teu mangkat di bumi tos teu aya tuangen kanggo persediaan..
                        Tapi tetep Nini Ambu kolot nyaram, oge tetep Ki Angga meredeng hayang milarian lauk. Saparantosna kitu Ki Angga Piara ka tengah lautan. Ngadak-ngadak langit angkeb, cuaca mendung, gumpalan ombak ageung neunggar parahu Ki Angga Piara… BUUUUUUUAAARRRRRRRRRRRR.. Barang di teunggar parahu teh  ancur , Ki Angga Piara kacandak ombak ka hilir ka girang, ka buntang ka banting.
                        Peraosan Ambu Kolot teu enak, margi emut ka pamegetna bilih aya itu sinareng ieu, margi cuaca awon. Saparantosna kitu, Nini Ambu Kolot lumpat ka Basisir bari nyauran pamegetna, kakuping ku tatanggana yen Ki Angga teu aya. Terus di pilarian bari di bantuan ku tatanggana, tapi weleh teu kapendak. Nini Ambu Kolot calik dina batu karang unggal dinten, si Nene ngadu’a :
            “Nun Gusti, mudah-mudahan pameget abdi upami masih keneh hirup, dimana ayeuna . upami parantos maot hoyong ditingalikeun jasadna. Margi abdi tos jangji bade sahirup samati, sabagja sacilaka sareng pameget abdi.”
            Gusti nu maha agung ngaijabah du’ana si Nene.  Katingali  batu karang di payuneun Ambu Kolot.
“sing yakin.. batu karang anu ngambang di hareupeun teh asalna tina jelmaan Ki Angga Piara. Jadi , ulah ngaharepkeun deui salaki anjeun bisa hirup kawas sabihara-sabihari” …..Kitu nu kadenge ku Nini Ambu ti sora anu ghaib teh .. Nini Ambu ukur bisa olohok. Teu nyangka sacongo buuk lamun salaki anu dipikacintana ngalaman nasib nu sapait kitu.   Tapi, Nini Ambu kolot sadar, yen sakabeh anu tumiba ka diri jeung salakina teh takdir tu nu Kawasa nu teu bias di pungpang.
            Nya Nini Ambu calik dina batu karang tea, bari nyurucud cisoca. Gede kanyaah jeung duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang. Breek deku mayunan batu karang anu aya di payuneunna ..
Si Nene ngadu’a :
            “Nun Pangeran abdi sadaya, abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jadikeun abdi kawas salaki abdi.”  Beuki murubut cisocana.. Pamenta Nini Ambu diijabah ku Pangeran…
Ngadak sakala langit nu tadi lenglang jadi ceudeum. Paul ngajenggelek jadi pulas hideung, pihujaneun. Kingkilaban ting berebet silisamber, jiga nu sukan-sukan jeung angina anu tingsaleor kukurayeun. Bareng jeung kajadian kitu, Nini Ambu JLEEG….. ngajenggelek jadi batu karang. Persisna , pahareup-hareup jeung batu karang jelmaan salakina. Bentukna kawas awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang basisir, eta patempatan dingaranan Karang Nini ,Sedengken batu anu aya di payuneunna nyaeta Bale Kambang. 

2 komentar:

  1. Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.

    wealthylovespell@gmail.com

    Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446

    Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

    BalasHapus
  2. Komennya kok pada promosi jing

    BalasHapus

 

Blogger news

Blogroll